Sabtu, 27 Desember 2014

Rajah Siliwangi / Keilmuan Kebatinan Sunda Buhun

Balumbung agung rahayu
Gumijing manjing walagri
Gumijing manjing walagri
wangi diri sanubari

Gorejat saringkang ringkang
Rancage hate awaking
Nyebarkeun jalan laratan
Katampilan geusan mandi

Kaleuwi SIPATAHUNAN, leuwi nu maruncang diri
Diri anu sakiwari
Rek muru kulurung tujuh
Ngaliwat ka pajajaran
Bongan hayang pulang enting

Padungdengan-padungdengan jeung usikna pancikan hung ahung
Turun ti gunung gumuruh
Kahujanan ku malati

Nya moyan di pamoyanan
Papanggih jeung urang dami
Anu keur mener ngarajah
Madep ka dayeuh kawangi
Hung ahung

Amit ampun nun paralun
Ka gusti nu maha suci
Neda pangjiad pangraksa
Para abdi-abdi seni
Seja ngaguar laratan
Tiris waris nini aki

Ngembatkeun jalan laratan
Katampilan geusan mandi
Kaleuwi SIPATAHUNAN
Leuwi nu ngaruncang diri
Diri anu sakiwari
Rek muru nulurung tujuh
Ngaliwat ka pajajaran
Bongan hayang pulang anting

Padungdengan-padungdengan jeung usikna pancikan pun sapun

Sampurasun karumuhun
KA HYANG PRABU SILIWANGI
murba di pajajaran
Pangauban seuweu siwi

Nu kelar di TATAR SUNDA
muga nyebarkeun wawangi
hung ahung
hung ahung
hung ahung
hung ahung

2 komentar: